Showing posts with label happy earth day. Show all posts
Showing posts with label happy earth day. Show all posts

Thursday, April 30, 2009

happy earth day 2009( wilujeng hari bumi) sundanese version

Dina ngarayakeun hari Bumi, hayu urang nyandak pepeling tina alam lingkungan sagigireun urang, nyelekekeun saeutik waktu keur nafakuran kajadian-kajadian d sabudeureun urang. Sok sanajan jalma-jama pada ngarasakeun sugemana alam modern, naha urang teu ngemut naon nu dirasakeun ku mahluk-mahluk laina saperti sasatoan, tatangkalan, gunung, wahangan, laut, leuweung jeng sajabana nu mangrupakeun paseuk jeung jantung dunia nu kiwari tambah ngurangan lantaran digunasika ku manusa kalawan dalih dipake keur kapentingan manusa di alam modern. Di sagigireun kamajuan nu dirasakeun, serba canggihna sagala bidang kahirupan, rupina akibat eksplorasi alam nu kaleuleuwiheun bari teu tanggung jawab, loba pisan lingkngan hayati nu ruksak. Pada akhirna ancaman global warming keukeuh ngabangbayang, bencana alam daratang kalawan araraneh. Pamugi dina hari bumi taun 2009 ieu urang enggal tiasa milari ljalan kaluarna supaya leuwih nyobat jeung alam nu bakal gede pisan manfaatna. So, Save Our Earth Right Now!!! let's take a look a poetry!

Di gigireun lembur kuring

wanci carangcang tihang
Luhur rungkun paku anam
Kingkin sora tikukur nyalingkur
Tafakur na cagak bungur
Badal kawih cangkurileung
Det detanana geus laas bengras
Lain balakbak, maskumambang

Dalinding sora hate incig mepeling
Sugan jeung sugan sugih harti ngariksa diri
Mapag hurung haseup leuweung
Muputan gowo caladi kotrok
Teu isuk teu berang
Teuing kahuruan

Estu
Beuntuer warisan karuhun
Teu weleh beber beja amit mundur
Ceuk beja kancra
Ngalongok sakadang buaya nu cilaka
Tiselap kana beubeur batara priyai
Ceuk beja menga
Bongan keueung cai hideung pancuran
Ngagolontor ti bebedahan talang beusi

Wanci pecat sawed
Nguntuy uncal beurem di sampalan hideung
Psedek-sedek muru reureuh kasareupnakeun
Nilang budak angon meuntaskeun munding lapar

Cileuk-cileuk cicika hurung
Beureum, koneng, hejo campur bodas
Gararinding nyorongan saung beton
Tempat ninun lawon sutra
Pakeeun igeug-igeug bebegig kota

Ngan atuh kamana sora jangkrik?
Kunaon ngonci liang gaang?
Yeuh peuting caang padang keur ngabungbang
Teuing kasima tembang tabeuh perang?

Ibun isuk gancang nyaluk
Ngadenge manintin ngadeluk ngeluk ngadingdiut
Di peuntaseun leuweung kamari
Gintung rantuy areuy kabingung
Keusik lebak carinakdak
Wawar ka sayang camar
Nu husu tapa di basisir harepan
Ngadago hujan ngupahan ombak paeh
Naha ti indra
Naha ti rahwana